Selasa, 22 Maret 2016

SASAKALA TANGKUBAN PARAHU
Hasil gambar untuk sasakala tangkuban parahuHiji waktu Sangkuriang dititah moro ka leuweung ku indungna, nyaeta Dayang Sumbi, di barengan
ku anjing ngaran Si Tumang. Kadua anjingna, Sangkuriang asruk-asrukan neangan sato boroeun. Ngan teuing ku naon poe harita mah taya sato nu liar hiji-hiji acan. Atuh lapur, moro sapoe jeput teh teu beubeunangan. Bakating ku keuheul, ngan lekek bae Si Tumang teh dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik, dibikeun ka indungna. Barang kanyahoan yen eta ati Si Tumang, Dayang Sumbi kacida ambekna. Sangkuriang diketrok sirahna ku sinduk, tepi ka baloboran getih. Sangkuriang terus pundung, kabur ti imahna. Mangtaun-taun leuleuweungan, ngalalana teu puguh anu dijugjug. Lawas-lawas Sangkuriang anjog ka hiji tempat anu kacida pikabetaheunana. Anu matuh di dinya teh hiji putri. Sangkuriang kasengsrem ku eta putri. Malah manehna keukeuh ngajak nikah. Ari Nyi Putri awas tingal. Anjeunna terangeun saha sabenerna Sangkuriang teh. Manahoreng eta teh anakna pituin. Nu matak Nyi Putri nolak sapajodogan kana panglamar Sangkuriang teh. Piraku kudu kawin jeung anak.
Kocapkeun Sangkuriang keukeuh mamaksa Nyi Putri sangkan daek dikawin ku dirina. Antukna Nyi Putri, alias Dayang Sumbi tea, daekkeun dikawin tapi aya pamenta. Ari pamentana teuing ku bangga, nyaeta hayang dipangbendungkeun talaga jeung dipangnyieunkeun parahu. Boh talaga boh parahuna kudu anggeus dipigawe dina jero sapeuting. Upama teu anggeus, Nyi Putri moal daek dikawin ku Sangkuriang.

Sangkuriang nyanggupan. Harita keneh manehna terus ngabendung Citarum, sapeupeuting teu eureun-eureun. Ku kasaktenna, dina mangsa janari leutik oge talaga teh geus ngemplang, kari nyieun parahuna. Kabeneran di hiji tempat aya tangkal kai nu kacida gedena. Gedok dituar ku Sangkuriang. Rangrangna dirarad, dihunyudkeun. Kai pulukan teh terus dipapas, dijeun parahu.
Dayang Sumbi kacida reuwaseunana barang mireungeuh talaga geus ngemplang, jeung parahu ngabagug meh anggeus. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Puguh ngosongkeun pamenta kitu oge ngarah teu katedunan, da pamohalan cek pikirna. Anu maksudna ngarah teu tulus kawin tea. Ari kasampak geuning geus rek anggeus? Dayang Sumbi neangan akal. Ras manehna inget kana boeh rarang beunangna ninun. Boeh rarang teh ku Dayang Sumbi dikebutkeun. Ku kersaning Nu Maha Kawasa, boeh rarang nu dikebutkeun teh tingburinyay, tingkaretip kawas kingkilaban upama panonpoe balebat. Sasatoan leuweung kagareuwahkeun. Hayam kongkorongok lalambat naker. Manuk recet disarada, marukan enya geus beurang.
Hasil gambar untuk sasakala tangkuban parahuSangkuriang nu keur ngadukduk nganggeuskeun parahuna, pohara ngajenghokna barang nenjo geus aya balebat. Manehna kacida ambek jeung ngenesna, sabab tangtu moal tulus panganten jeung Dayang Sumbi. Bakating ku handeueul, parahu nu can anggeus teh ditajong satakerna. Mangpeng ka tempat nt jauh kacida. Ragragna eta parahu teh nangkub. Jleg salin jinis jadi gunung, nu katelah GUNUNG TANGKUBAN PARAHU. Talaga nu geus ngemplang tea ku Sangkuriang didupak. Brah bedah, tepi ka saat ngoletrak. Eta tempat urut talaga teh ayeuna jadi padataran Bandung anu ngampar rata. Rangrang kai nu ngahunyud salin jinis jadi gunung, katelahna Gunung Burangrang. Kitu deui tunggul kai urut nuar Sangkuriang tea, robah jadi Gunung Bukit Tunggul.
Bari nyidem keneh kakeuheul, Sangkuriang tuluy deui ngalalana. Leumpang sakaparan-paran.


            




Tidak ada komentar:

Posting Komentar