SASAKALA TANGKUBAN PARAHU
ku anjing ngaran Si Tumang. Kadua anjingna,
Sangkuriang asruk-asrukan neangan sato boroeun. Ngan teuing ku naon poe
harita mah taya sato nu liar hiji-hiji acan. Atuh lapur, moro sapoe
jeput teh teu beubeunangan. Bakating ku keuheul, ngan lekek bae Si
Tumang teh dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik, dibikeun ka
indungna. Barang kanyahoan yen eta ati Si Tumang, Dayang Sumbi kacida
ambekna. Sangkuriang diketrok sirahna ku sinduk, tepi ka baloboran
getih. Sangkuriang terus pundung, kabur ti imahna. Mangtaun-taun
leuleuweungan, ngalalana teu puguh anu dijugjug.
Lawas-lawas Sangkuriang anjog ka hiji tempat anu kacida
pikabetaheunana. Anu matuh di dinya teh hiji putri. Sangkuriang
kasengsrem ku eta putri. Malah manehna keukeuh ngajak nikah. Ari Nyi
Putri awas tingal. Anjeunna terangeun saha sabenerna Sangkuriang teh.
Manahoreng eta teh anakna pituin. Nu matak Nyi Putri nolak sapajodogan
kana panglamar Sangkuriang teh. Piraku kudu kawin jeung anak.
Kocapkeun Sangkuriang keukeuh mamaksa Nyi Putri sangkan daek dikawin ku dirina. Antukna Nyi Putri, alias Dayang Sumbi tea, daekkeun dikawin tapi aya pamenta. Ari pamentana teuing ku bangga, nyaeta hayang dipangbendungkeun talaga jeung dipangnyieunkeun parahu. Boh talaga boh parahuna kudu anggeus dipigawe dina jero sapeuting. Upama teu anggeus, Nyi Putri moal daek dikawin ku Sangkuriang.
Sangkuriang nyanggupan. Harita keneh manehna terus ngabendung Citarum, sapeupeuting teu eureun-eureun. Ku kasaktenna, dina mangsa janari leutik oge talaga teh geus ngemplang, kari nyieun parahuna. Kabeneran di hiji tempat aya tangkal kai nu kacida gedena. Gedok dituar ku Sangkuriang. Rangrangna dirarad, dihunyudkeun. Kai pulukan teh terus dipapas, dijeun parahu.
Dayang Sumbi kacida reuwaseunana barang mireungeuh talaga geus ngemplang, jeung parahu ngabagug meh anggeus. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Puguh ngosongkeun pamenta kitu oge ngarah teu katedunan, da pamohalan cek pikirna. Anu maksudna ngarah teu tulus kawin tea. Ari kasampak geuning geus rek anggeus? Dayang Sumbi neangan akal. Ras manehna inget kana boeh rarang beunangna ninun. Boeh rarang teh ku Dayang Sumbi dikebutkeun. Ku kersaning Nu Maha Kawasa, boeh rarang nu dikebutkeun teh tingburinyay, tingkaretip kawas kingkilaban upama panonpoe balebat. Sasatoan leuweung kagareuwahkeun. Hayam kongkorongok lalambat naker. Manuk recet disarada, marukan enya geus beurang.
Sangkuriang nu keur ngadukduk nganggeuskeun parahuna, pohara
ngajenghokna barang nenjo geus aya balebat. Manehna kacida ambek jeung
ngenesna, sabab tangtu moal tulus panganten jeung Dayang Sumbi. Bakating
ku handeueul, parahu nu can anggeus teh ditajong satakerna. Mangpeng ka
tempat nt jauh kacida. Ragragna eta parahu teh nangkub. Jleg salin
jinis jadi gunung, nu katelah GUNUNG TANGKUBAN PARAHU. Talaga nu
geus ngemplang tea ku Sangkuriang didupak. Brah bedah, tepi ka saat
ngoletrak. Eta tempat urut talaga teh ayeuna jadi padataran Bandung anu
ngampar rata. Rangrang kai nu ngahunyud salin jinis jadi gunung,
katelahna Gunung Burangrang. Kitu deui tunggul kai urut nuar Sangkuriang
tea, robah jadi Gunung Bukit Tunggul.
Bari nyidem keneh kakeuheul, Sangkuriang tuluy deui ngalalana. Leumpang sakaparan-paran.